A
|
Adam lali tapel
: Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
|
Adat kakurung
ku iga : Adat nu hese digantina.
|
Adean ku kuda
beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
|
Adigung adiguna
: Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung.
|
Akal koja :
Pinter dina kagorenganatawa kajahatan.
|
Aki aki tujuh
mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
|
Aku aku angga :
Nagku barnag baatur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya
batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan ataw kauntunga.
|
Aku panggung :
darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna,
pangbeungharna jste.
|
Alak alak
cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa Pangpunjulna. Anu
handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
|
Alak paul :
Tempatna nu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
|
Alus panggung :
alus laur hade ome, Tegep dedeg pangadegna.
|
Ambek nyedek
tanaga midek : Ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri.
|
Ambekna sakulit
bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
|
Anak merak
kukuncungan : Sipaat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba
anu diturunkrun ku kolotna.
|
Anak merak
kukuncungan : Turuna anu hade laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade
deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
|
Anak puputon :
Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
|
Anjing
ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
|
Anjing ngagogogan
kalong : Mikahayang nu moal baka; kasorang.
|
Ari diarah
supana, kudu dipiara catangna : Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus
bener bener.
|
Ari umur
tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi hate
ngongoraeun keneh.
|
Asa dijual payu
: Ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
|
Asa ditonjok
congcot : Meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
|
Asa ditumbu
umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
|
Asa nanggeuy
endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
|
Asa nyanghulu
ka jarian : Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
|
Asa potong
leungeun katuhu : Leungiteu jalma nu pohara hade gawena.
|
Ati mungkir
beungeut nyinghareup : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu,
siga nyaah tapi hanteu.
|
Aub payung,
sabet panon, sabasoba : Wewengkon, ngeunaan tanah.
|
Aya astana
sajeungkal : Anu mustahil oge oge bisa kajadian.
|
Aya bagja teu
daulat : Arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
|
Aya di sihung
maung : Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan
penting gampang naker meunang pitulungna.
|
Aya jalan komo
meuntas : Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang
kalaksanakeun.
|
Aya jalan komo
meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa
ngabulkeun kahayang.
|
Aya jalan komo
meuntas : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
|
Aya Peurah :
Aya komara, aya harega , aya pangaji.
|
Ayakan tara
meunang kancra : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung
panghasilanana.
|
B
Baleg tampele :
Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede
keneh kaera.
|
Bali geusan
ngajadi : Tempat dilahirkeun.
|
Balung kulit
kotok meuting : Teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
|
Balungbang
timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan : Beak karep ku rido jeung
beresih hate.
|
Banda tatalang
raga : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan
urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
|
Belang bayah
gindi pikir : Boga pikiran goreng ka papada kawula.
|
Bengkung
ngariung bongkok ngaronyok : Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa
cilaka.
|
Beurat birit :
Hese jeung sungkan dititah.
|
Beurat nyuhun
beurat nanggung, beurat narimakeunana : Pohara narimakeunana kana pitulung,
ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali.
|
Beureum
paneureuy : Seuseut batan neureuy keueus, Hese pisan, seuseut seuat
ngahasilkeun maksud.
|
Beuteung
anjingeun : Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
|
Bilih aya tutus
bengkung : Bisi salah pokpokanana.
|
Bisa ka bula ka
bale = Bisa campur jeung jelema ti rupa – rupa golongan
|
Bisa ka bula ka
bale = Bisa campur jeung jelema ti rupa – rupa golongan
|
Biwir nyiru
rombengeun : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
|
Biwir nyiru
rombengeun : Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu
batur.
|
Biwir nyiru
rombengeun = Resep nyaritakeun cecek bocek anu saenyana kudu di
rasiahkeun
|
Biwir sambung
lemek, suku sambung lengkah : Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu
mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
|
Bluk nyuuh blak
nangkarak : Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
|
Bobo sapanon
carang sapakan : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa
karuksakanana.
|
Bobo sapanon
carang sapakan = Teu puguh undak usukna, teu puguh entep
seureuhna
|
Bobor
karahayuan : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
|
Bobor
karahayuan = Katarajang apes atawa cilaka
|
Bobot pangayon
timbang taraju = Pangadilan, timbangan anu adil
|
Bodo
alewoh = Bodo bari daek tatanya
|
Bodo
katotoloyoh = Bodo bari tara daek tatanya
|
Bogoh
nogencang = Bogoh sosoranganan
|
Bonteng
ngalawan kadu : Nu leutik ngalawan nu gede.
|
Borangan ku
surak = Eraan dina gempungan jelema rea
|
Bosongot bade
amprotan = Dipikaginir, pasemon jagoan
|
Bru d i juru
bro di panti, ngalayah de tengah imah = Jelema benghar
|
Buburuh nyatu
di upah beas = Meunang dua rupa kauntungan
|
Buburuh nyatu
diupah beas : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
|
Budak bau
jaringao = Budak can aya kanyaho
|
Budi santri,
legeg lebe, ari lampah euwah euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi
sok ceceremed.
|
Bulu
teneuh = Tukang tani, patani
|
Buluan belut,
jangjangan oray : Pamohalan kajadian.
|
Buncir leuit
loba duit = Taya kakurang
|
Bungbulang
tunda : Tunda talatah.Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah
deui ka batur.
|
Buntu
laku = Teu bisa neruskeun pagawean
|
Buntut kasiran
: Koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
|
Buntut
kasiran = Koret
|
Bur beureum bur
hideung , hurung nangtung siang leumpang = Hirup taya kakurangan
salilana ginding
|
Bur beureum bur
hideung, hurung nagtung siang leumpang : Ginding, loba pakean anu aralus
dipake.
|
Buruk buruk
papan jati : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya
kasalahan teh.
|
Buta
terong = Jelema nu sagala beuki
|
C
Biwir nyiru rombengeun = Resep nyaritakeun cecek bocek anu
saenyana kudu di rasiahkeun
|
Bobo sapanon
carang sapakan = Teu puguh undak usukna, teu puguh entep
seureuhna
|
Bobor
karahayuan = Katarajang apes atawa cilaka
|
Bobot pangayon
timbang taraju = Pangadilan, timbangan anu adil
|
Bodo
alewoh = Bodo bari daek tatanya
|
Bodo
katotoloyoh = Bodo bari tara daek tatanya
|
Bogoh
nogencang = Bogoh sosoranganan
|
Borangan ku
surak = Eraan dina gempungan jelema rea
|
Bosongot bade
amprotan = Dipikaginir, pasemon jagoan
|
Bru d i juru
bro di panti, ngalayah de tengah imah = Jelema benghar
|
Buburuh nyatu
di upah beas = Meunang dua rupa kauntungan
|
Budak bau
jaringao = Budak can aya kanyaho
|
Bulu
teneuh = Tukang tani, patani
|
Buncir leuit
loba duit = Taya kakurang
|
Buntu
laku = Teu bisa neruskeun pagawean
|
Buntut
kasiran = Koret
|
Bur beureum bur
hideung , hurung nangtung siang leumpang = Hirup taya kakurangan
salilana ginding
|
Buta
terong = Jelema nu sagala beuki
|
Caang bulan
dadamaran : Migawe nu kurang mangfaat.
|
Caang bulan
opat welas, jalan gede sasapuan = Rido pisan
|
Caang padang
narawangan = Caang pikiran
|
Cacag nangkaeun
: Hanteu beres , hanteu rata.
|
Cacag
nangkaeun = Henteu beres atawa teu alus lantaran mindeng katunda,
terus dihanca deui
|
Cacarakan
= kakara diajar, tacan bisa bener
|
Cadu mungkuk
haram dempak = Sumpah yen bener – bener moal milampah deuiatawa
migawe hiji perkara
|
Cangkir emas
eusi delan : Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji,
tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
|
Cara bueuk
meunang mabuk : Ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep,
euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
|
Cara gaang
katincak : Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
|
Cara jogjog
mondok : Carekcok bae, mani gandeng naker.
|
Cara simeut
hiris, tai kana beuheung beuheung : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa
ditipu ku batur.
|
Caringcing
pageuh kancing , saringset pageuh iket = Taki – taki ngajaga
kaamanan, bisi aya banca pakewuh
|
Cecendet mande
kiara : Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
|
Ceplak
pahang = Satarabasna teuing, kajeun teuing matak teu ngeunah
batur oge
|
Ceuli lentaheun
: Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan
karuhan eta beja teh bener henteuna.
|
Ceuli
lentaheun = Sadenge dengena, sanajan lain dengekeuneunana
|
Cicing dina
sihung maung : Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka
diri urang.
|
Cikaracak
ninggang batu laun laun jadi legok : Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge
lila laila jadi bisa.
|
Cikaracak
ninggang batu laun laun jadi legok : Najan bodo asal leukeun diajarna lila
lila oge tangtu bisa.
|
Cilaka dua
belas = Cilaka pohara
|
Cileuncang
mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka
jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
|
Ciri sabumi
cara sadesa : Beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
|
Clik putih clak
herang : Kaluar tian ahte anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk
maleukmeuk.
|
Clik putih,
clak herang = Rido, iklas
|
Congo congo ku
amis, mun rek mais oge puhuna : Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun
bapana henteu bageur.
|
Cruk –
crek = Gunta – ganti pamajikan
|
Cucuk
panon = Teu adil dina barang bere
|
Cucuk
rungkang = Perkara leutik atawa teu pira tapi lamun diantep bisa
ngaganggu kana perkara nu gede
|
Cukup
belengur = Kakurangan rejeki lantaran loba teuing anu dibikeun ka batur
|
D
Daek macok embung dipacok : Daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur,
tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
|
Dagang oncom
rancatan emas : Ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida
leutikna.
|
Dagang pindang
ka Cirebon = Dagang barang ka tempat anu nyieun barang
|
Dah bawang dah
kapas : Tah barangna tah duitna.
|
Dahar kawas
meri = Uprat apret jeung ngaremeh
|
Daluang
katinggang mangsi : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
|
Datang
katingali tarang, undur katingali punduk = Datang kanyahoan,
indit oge kanyahoan
|
Deugdeug
tanjeuran : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran
pinter dina kasenian.
|
Deukeut deukeut
anak taleus : Ari imah puguh oge padeukeut ngan hanjakal hanteu nyaho ti
bareto, yen eta the baraya.
|
Deukeut deukeut
anak taleus : Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho
tibareto yen baraya.
|
Deukeut
-deukeut anak taleus = Salitu padeukeut tapi teu nyaho eta baraya,
atawa teu nyaho aya kajadian penting diantara maranehna
|
Deukeut deuleu
pondok lengkah = Kurang pamandangan jeung teu pati bebas dina
indit – inditan
|
Deungeun
haseum = Teu baraya saeutik – eutik acan
|
Dibejer
beaskeun = Dieceskeun, ditetelakeun, dijentrekeun nepika bubuk
leutikna
|
Dibeuweung
diutahkeun = Dipikir dibulak balik
|
Didagoan ku
seeng nyengsreng = Didagoan ku pangabutuh sapopoe
|
Dihin pinasti
anyar pinanggih = Sagala rupa anu dialaman ayeuna saestuna geus
ditangtukeun ti heula ku nu Maha Kawasa
|
Dihin pinasti,
anyar pinanggih : ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa
kapanggihna.
|
Dihin punasti
anyar pinanggih : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus
kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
|
Dihurunsuluhkeun
= Disamarutkeun jeung nu goga dosa
|
Dijieun lalab
rumbah = Dimomorekeun, teu diajenan
|
Dikeprak
reumis = Purah diutuh etah ngajalankeun pagawean anu lain lumayan
|
Dikungkung teu
diawur, dicangcang teu diparaban : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu
dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
|
Dipake cocok
conggang = Dimomorekein pisan
|
Dipiamis buah
gintung : Disangka hade jeung bageur , tapi buktina goreng jeung jahat.
|
Dipiamis buah
gintung : Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
|
Dipisudi mere
budi = Dipikarep tapi malah ngabaeudan
|
Dipukul wakul
buaya mangap = Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna
|
Disakompet
daunkeun, dihurun suluh : Dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
|
Disakompetdaunkeun
= Dihurunsuluhkeun
|
Disisit
dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang = Dihukum beurat pisan
|
Disuhun dina
embun embunan = Ditarimakeun pisan
|
Ditangtang
ditengteng dijieun bonteng sapasi : Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
|
Ditilik ti
gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup :
Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
|
Dogdog
pangrewong : Bantuan abu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
|
Dogdog
pangrewong = Milu nyarita minangka panambih
|
Dogong dogong
tulak cau, geus gede dituar batur : Ngantian jeung mahugi parawan ti keur
leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu Kawasa jadi pipamajikaneun, na ari
geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
|
Dosa salaput
hulu : Kacida loba dosana.
|
Dosa salaput
hulu = Loba dosa
|
Dug hulu pet
nyawa = Digawe beurat meh taya eureuna
|
Dug
tinetek = Dug hulu pet nyawa
|
Duit pait
= Duit anu teu meunang dipake pikeun kapentingan pribadi
|
Duit
panas = Duit pait
|
Duum tinggi :
Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya bu saeutik.
|
Kacida loba
dosana : Awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu
jadi salaki.
|
E
Eleh deet
= Sanajan teu sapuk jeung hate, kapaksa nyaluyuan lantaran karunya
|
Elmu ajug :
Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
|
Elmu ajug
= Elmu anu teu dipake kusorangan, ngan saukur dipake napatahan batur
|
Elmu sapi :
Samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
|
Elmu sapi
= Guyub kana hal anu kurang hade
|
Elmu tumbila :
Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
|
Elok bangkong :
Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
|
Embung
kakalangkangan = Embung kaelehkeun ku nu sejen
|
Endog
sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh : Kasusah atawa karerepet anu
tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa
nyusahkeun ka sarerea.
|
Endog tara
megar kabeh : Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa
darajatna.
|
Era
parada = Era ku lampah batur atawa omonganana nu matak aeb
|
G
Galak
sinongnong = mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan
|
Galak
timburu = Babari timburuan
|
Galegeh
gado = Someah, darehdeh
|
Galehgeh gado :
Darehdeh tapi henteu terus kana hate : .
|
Gancang pincang
: Kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu
nyugemakeun.
|
Gancang
pincang = pagaweanana gancang, tapi hasilna teu hade
|
Gantung denge :
Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun
ngadengekeun.
|
Gantung
denge = Ngarasa hanjakal hayang keneh ngadengekeun anggeus manten
|
Gantung
teureuyeun : Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna
kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
|
Gantung
teureuyeun = Ngarasa hanjakal barang dahar hayang keneh tapi kudu
eureun
|
Garo – garo teu
ateul = Gagaro tukangeun ceuli lantaran bingung atawa keuheul
|
Garo
singsat = Gagaro bari nyingsat lantaran teu sabar atawa anbek
|
Gede gede kayu
randu, dipake pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir
ngajedig : Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal
gawena jeung karajinanana goreng.
|
Gede gunung
pananggeuhan : Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw
jareneng.
|
Gede gunung
pananggeuhan : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden,
dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka
urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
|
Gede gunung
pananggeuhan = Boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gede dinya
anu dipake andelan pibisaeun nulingandina perlu
|
Gemah ripah loh
jinawi = Gegek cacah jiwana sarta raharja
|
Gentel
keak = Meh tara lesot, mun dilesotkeun sok ceurik ( biasana budak
)
|
Getas
harupateun = Babari ambek
|
Getas harupateun,
pinggeus harepan : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
|
Geu nyanghulu
ngaler = Geus maot
|
Geugeut
manjahan = Neneh bonteng, ngsn henteu nepika neunggeul
|
Geulis sisi,
laur gunung, sonagar huma : Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
|
Geus apal luar
jerona = Ges apal kana kalakuan jeung tabeat jalma
|
Geus cueut
kahareup = Geus kolot, geus liwat tengah tuwuh
|
Gindi pikir
belang bayah : Boga pikiran goreng ka papada kawula.
|
Gindi pikir
belang bayah : Goreng hate, dolim, julig , dengki.
|
Gindi pikir
belang bayah = Goreng hate
|
Ginding
kakampis : Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
|
Ginding
kakampis : Ari pake mah ginding, ngan duit teu boga.
|
Giri lungsi
tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
|
Giri lungsi
tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
|
Goong saba
karia : Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang,
maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
|
Goreng
peujit = Goreng hate
|
Goreng
sisit = Gorwng milik
|
Gunung tanpa
tutugan, sagara tanpa tepi : Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
|
Gunung tanpa
tutugan, sagara tanpa tepi = Taya wates wangena
|
Gurat batu :
Pageuh kana jangji.
|
Gurat
batu = Kukuh, teguh tangtungan
|
Gusti Alloh
tara nanggeuy dibongkokna : Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu
salah atawa boga dosa ka papada kawula.
|
H
Hade gogog hade
tagog : Hade basa jeung hade tingkah lakuna.
|
Hade gogog hade
tagog = Hade basa, budiparangi, nyaho tata titi
|
Hade ku omong
goreng ku omong : Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng,
goreng deui balukarna.
|
Halodo sataun
lantis ku hujan sapoe : Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan
ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
|
Hambur bacot
murah congcot : Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan
sok daek barangbere dahareun.
|
Hampang birit :
Gampang jeung adekan dititah.
|
Hampang
birit = Daekan ( dititah )
|
Hampang
leungeun = Gampang jeung resepteu teunggeul
|
Hanbur bacot
murh congcot = Babari nyarekan tapi berehan
|
Handap
asor = Hormat kabatur
|
Handap lanyap :
Handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok
ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
|
Handap
lanyap = hormat tapi matak nyentug kana hate
|
Hanteu gedag
bulu salambar : Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
|
Hapa – hapa oge
ranggeuyan = Miskin – miskin oge boga salaki
|
Hapa hapa ge
ranggeuyan : Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
|
Hapa hapa ge ranggeuyan
: Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
|
Hapa
heman = Taya panarima, taya pamales budi ka nugeus nyieun
kahadean
|
Hapa hui
= teu jamuga
|
Harelung
jangkung = Kacida jangkungna
|
Harewos bojong
: Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan
tetela pisan.
|
Harewos
bojong = Ngaharewos tapi omonganana kadenge ku nu deukeut ka nu
diharewosan
|
Haripeut ku
teuteureuyeun : Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit
kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
|
Haripeut ku
teuteureuyeun = Gampang kagoda ku dibibita bakal meunang untung,
kajeun ku jalan anu teu halal
|
Harus omong
batan goong : Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran
umuna sok pabeja beja.
|
Harus omong
batan goong = Beja anu ngandung pitnah gancang pisan sumebarna
bari sok ditambahan
|
Hawara
biwir = Resep ngabeja beja perkara anu can tangtu dilaksanakeun,
atawa hal anu lila keneh dilaksanakeinana
|
Hayang untung
jadi buntung: Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung
karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
|
Hayang untung
kalah buntung = Hayang untung kalah rugi
|
Hejo cokor
badag sambel = Dusun pisan
|
Hejo tihang :
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
|
Hejo
tihang = Teu ceehan, resep pipindahan
|
Henteu cai
herang – herang acan = Teu disuguhan
|
Henteu jingjing
hentei bawa = Teu mawa oleh – oleh keur nu dijugjug
|
Henteu unggut
kelindungen, henteu gedag kaanginan = Pageuh nyekel pamadegan
sorangan, henteu kapangaruhan ku nu sejen
|
Herang caina
beunang laukna : Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu
dirugikeun atawa dinyenyeri.
|
Herang caina
beunang laukna : Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
|
Herang caina
beunang laukna = Hasil anu dimaksud ku jalan badami teu kusacara
paksa
|
Herang herang
kari mata, teuas teuas kari bincurang : Bareto mah beunghar ayeuna kari
miskina
|
Hese cape teu
kapake = Pagawean anu hasilna teu katarima atawa mubadir
|
Heueuh heueuh
bueuk : Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
|
Heuras
genggerong = Teu bisa ngagenahkeun hate batur ku omongan
|
Heureut
pakeun = Teu rea kaboga
|
Heurin ku letah
: Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba
karisi/ karempan
|
Heurin ku letah
: Teu kaduga ngabongkar hiji perkara kulantaran loba karisi karempan paur
jeung inggis ku balukarna.
|
Heurin ku
letah = teu bisa ngomong lantaran loba kasieun
|
Hirup dinuhun
paeh dirampes : Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon.
|
Hirup dinuhun
paeh dirampes = Pasrah sumerak kana kersa nu Maha Kawasa
|
Hirup katungkul
ku pati = Hirup ditungtungan ku maot
|
Hirup ku ibun
gede ku poe = Hirup kalantar lantaran euweuh nu ngurus
|
Hirup ku
panyukup gede ku pamere : Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu
purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
|
Hirup nuhun
paeh dirampes : Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
|
Hirup teu neut,
paeh teu hos = Terus – terusan gering ripuh, tapi teu maot
|
Hirup ulah
manggih tungtung, paeh ulah manggih beja : Kudu bageur kudu hade laku lampah
supaya alus kacaritakeunana.
|
Huap hiji
diduakeun = Hgirit keur sapopoe kulantaran aya nu dibelaan
|
Hujan
cipanon = Loba ceurik
|
Hulu dugul
dihihidan : Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
|
Hunyur nandean
gunung : Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
|
Hurung nagtung
siang leumpang : Eukeur mang beunghar loba pakean anu aralus turug turug
resep ngaginding.
|
Hurung nangtung
siang leumpang : Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
|
Hurung nangtung
siang leumpang = Beunghar
|
Hutang
hatong = nyapirakeun kana hutang
|
Hutang salaput
hulu = Loba hutang
|
Hutang uyah bayar
uyah, hutang nyeri bayar nyeri = Amal perbuatan sok aya wawalesna
|
I
Ieu aing
= Angkuh, sombong, adigung
|
Ilang along
margahina = Kakurangan
|
Ilang lebih
tanpa karana = Leungit teu puguh sababna
|
Indit
sirib = Indit sarerea saeusi imah
|
Indung suku ge
moal dibejaan = Pageuh nyekel rasiah
|
Indung tunggul
rahayu, bapa catang darajat = Kasalameten jeung kabagjaan nu jadi
anak, gumantung kana karidoan indung bapa
|
Inggis batan
maut hinis = Kacida paurna
|
Inggis ku bisi
rempan ku sugan = Sieun aya kajadian anu teu disangka – sangka
|
Ipis
biwir = Babari ceurik
|
Ipis
wiwirang = Kurang kaera
|
J
Jadi cikal
bugang = Pangheulana kasambut dipangperangan
|
Jadi dogdog
pangrewong = Teu boga tugas penting, sakadar bantu – bantu
|
Jadi kulit jadi
daging = Jadi kabiasaan nu hese dipiceuna
|
Jadi sabiwir
hiji = Jadi omong atawa carita sarerea
|
Jajar
pasar = Sedeng tegepna, teu pati geulis teupati kasep tapi teu
kaasup goreng patut
|
Jalma
masagi = Jelema boga, rea kabisa, turunan hade
|
Jama bedil
sundut = Jaman baheula
|
Jauh – jauh
panjang gagang = Jauh – jauh dijugjug, tapi teu hasil anu
dimaksud
|
Jauh ka
bedug = Dusun, kampungan
|
Jauh tanah ka
langit = Jauh bedana
|
Jelema
bangkarak = Jelema nu taya gunana pikeun hirup kumbuh
|
Jiga tunggul
kahuru = Goreng patut
|
Jongjon
bontos =Junun kana gawe, tara bengbatan
|
Jual
dedet = Ngajual barang satengah maksa
|
K
Kabawa ku
sakaba -laba = Kabawakeun teu puguh lampah ku batur
|
Kabedil
langit = Kalinglap
|
Kacanir
bangban = Kawiwirangan
|
Kacekel bagal
buntutna = Katewak luluguna
|
Kaceluk ka awun
– awun = Kasohor kamana – mana
|
Kaeaw tunggul
kahuru = Goreng patut
|
Kagok
asong = Kapalang geus nyanggupan
|
Kahieuman
bangkong = Siga beunghar lantaran katitipanbanda batur
|
Kajejek ku
hakan = hasil usaha beak dipake dahar wungkul
|
Kakeueum ku cai
toge = Eleh pisan ku pamajikan
|
Kalapa bijil ti
cungap = Muka rasiah sorangan kalawan dihaja
|
Kaliung
kasiput = Kalingkung ku baraya anu beunghar
|
Kandel kulit
beungeut = Teu boga kaera
|
Kapiheulaan
galuluh taneuh = Hudang kabeurangan
|
Kapipit galih,
kadudut kalbu = Kapincut
|
Kapiring
leutik = Kaisinan
|
Kasuhun
kalingga murda = Katarima pisan lahir batin
|
Katempuhan
buntut maung = Katempuhan kasusah atawa urusan batur
|
Katerka ku kira
-kira = Kasangka boga dosa
|
Katindih ku
kari – kari = Kasangka boga dosa
|
Katurug
katutuh = Keur susah katambahan deui susah
|
Kawas
aeud = Nya goreng budi nya bangor
|
Kawas bayah
kuda = kacida belelna
|
Kawas
beubeulahan terong = Sarupa pisan
|
Kawas beusi
atah beuleum = Geuneuk ( beungeut ) jalma anu kacida
ambekna
|
Kawas bodor
reog = Jelema anu tingkah lakuna pikaseurieun
|
Kawas bueuk
meunang mabuk = Ngeluk tungkul teu wani ngomong kulantaran rumasa
boga dosa
|
Kawas bujur aseupan
= Teu daek cicing
|
Kawas carangka
runtah = Jalma anu sagala beuki jeung gembul
|
Kawas careuh
bulan = Kandel ku bedak
|
Kawas ciduh
jeung reuhak = Sarua gorengna
|
Kawas
congcorang murus = Jelema anu jangkung tapi kacida begangna
|
Kawas cucurut
kaibunan = Goreng patut jeung pikarunyaeun
|
Kawas dodol
bulikan = Kulit hideung dibedakan teu rata
|
Kawas durukan
huut = Pibahayaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gede
|
Kawas gaang
katuncak = Ngadadak jempe
|
Kawas
gteuw = Teu bisa liar
|
Kawas gula
jeung peueut = Kacida layeutna
|
Kawas hayam
lamba = Euweuh kawani
|
Kawas hayam
panyambungan = Talamba tolombo dina riungan lantaran euweuh anu
wawuh
|
Kawas heulang
pateuh jangjang = Meh teu walakaya kulantaran euweuh nu bisa
diandelkeun
|
Kawas hileud
peuteuy = Jelema anu ngahalang halang karesep batur
|
Kawas himi-
himi = Meh salilana babarengan duaan, tara daek papisah
|
Kawas lauk asup
kana bubu = Hese kaluar tina hiji lingkungan lantaran katalian ku
jangji atawa aturan
|
Kawas ledok
bakal = Goreng patut pisan
|
Kawas leungeun
nu palid = Ngopepang
|
Kawas nu
dipukul bayu = Taya tangan pangawasa, leuleus pisan
|
Kawas nu
keked = Teu bisa barangbawa
|
Kawas
panyeupahan lalay = Kacida belelna
|
Kawas siraru
jadi = Riab kamana -mana
|
Kawas
tatah = Teu hideung sorangan
|
Kawas ucing
kumareumbi = Sagala dicabak, sagala dicekel
|
Kembang
buruan = Keur meujeuhna lucu
|
Kembang
carita = Bahan carita nu narik perhatian dina riungan
|
Keuna ku owah
gingsir = Keuna ku robah
|
Keuna kulara
teu keuna ku pati = Bisa jadi eleh atawa tatu, tapi moal nepika
maot
|
Keur bentang
surem = Keur apes
|
Keur meujeuhna
bilatung dulang = Barudak anu keur meujeuhna parabaneun
|
Keuyeup
apu = Jalma nau elehan euweuh kawani
|
Kokod
monongeun = Teu daek asak lantaran loba dicabakan
|
Kokoro
nyenang = Nembongkeun pangaboga anu teu sabaraha lantaran hayang
kapuji
|
Kokoro nyoso
malarat rosa = Kacida miskina
|
Kolot
dapuran = Kolot nurutkeun pancakaki
|
Kolot
kolotok = Kolot tapi euweuh kanyaho
|
Kolot
pawongan = Ngora – ngora siga geus kolot
|
Koreh – koreh
cok = Usaha jalma leutik, hasilna ngan ukur saharitaeun
|
Kudu bisa
ngeureut pakeun = Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki
|
Kujang dua
pangadekan = Usaha anu ngadatangkeun dua kauntungan
|
Kukuh ciburuy
= Teu beunang diongget – ongget
|
Kumaha ceuk nu
dibendo = Kumaha ceuk pangagung bae
|
Kumaha geletuk
batuna, kecebur caina = Kumaha engke
|
Kumaha ramena
pasar = Kumaha guyubna batur jenuk sarerea
|
Kumis bangbara
ngaliang = Kumis anu nyeseg dina liang arung
|
Kunaha bile
hideungna = Kunaha engke buktina
|
Kurang
jeujeuhan = Kurang ati – ati
|
Kuru aking
ngajangjawing = Kacida begangna
|
Kuru cileuh
kentel peujit = Ngurangan sare, ngurangan dahar lantaran aya
nudimaksud
|
Kuru kurulang
kuriling = Lara sangsara kadungsang – dungsang
|
Kurung
batok = Tara daekl lunta tilembur, jadi euweuh kanyaho
|
L
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda : Arek cilaka mah
ku kasalahan anu Leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
|
Lain lantung
tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra : Indit ti imah
kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh
anu dijugjug.
|
Landung
kandungan laer aisan : Gede timbanganana, gede pangampurana.
|
Langsung saur
bahe carek : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
|
Lauk buruk milu
mijah piritan milu endogan : pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng
katenjona.
|
Lauk buruk milu
mijah piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran
kabawakeun kubatur, henteu kalawan kahayang sorangan nepi ka goreng
katenjona.
|
Legok tapak
genteng kadek : Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
|
Legok tapak
genteng kadek : Loba luangna, loba pangalamanana.
|
Leubeut buah
hejo daun : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
|
Leuleus Jeujeur
liat tali : Memeh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang
heula alus gorengna supaya karasa adil.
|
Leuleus jeujeur
liat tali : Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah,
jeung loba pertimbanganana.
|
Leunggeuh cau
beuleum : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
|
Leuteik
ringkang gede bugang : Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan
leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi
kasusah sarerea.
|
Leutik burih :
Euweuh kawani.
|
Leutik cahak,
gede cohok : Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
|
Leutik leutik
ngagalatik : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku
wawanen.
|
Leuwi jero
beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet : Hade gorengna
pikiran jelema hese dikira kirana.
|
Lieuk euweuh
ragap taya : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
|
Loba teuing
jaksa : Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak
bingung nu dipapatahan.
|
Lodong kosong
ngelentrung : Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
|
Luhur kuta gede
dunya : Gagah tur beunghar taya kakurang.
|
Luncat mulang :
Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
|
Lungguh tutut :
Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
|
M
Mabok
pangkat = Adigung asa aing jeneng
|
Macan
biungan == Jelema anu teu akur jeung batur salembur
|
Malangkeun
panyiraman = Mikahayang nu lain – lain cenah dipikahayang ku
indungna waktu keur nyiram ku manehna
|
Malengpeng
pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung : Ngajalankeun (mikarep) hiji
perkara anu taya pihasileunana.
|
Maliding sanak
: Hanteu adil, pilih kasih.
|
Maliding
sanak = Pilih kasih
|
Malik
mepeh = Gulang guling nahan kanyeri
|
Malik rabi
pindah ngawula = Nganteurkeun dahareun ka menak, atawa dunungan
atawa atasan nu anyar
|
Maling boga
batur : Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna
meunang nu goreng deui bae.
|
Manan Leweh
mending waleh : Leuwih hade wakca balakabatan diahir meunang kasusah.
|
Manan leweh
mending waleh = Tinimang matak susah sorangan, mending nyarita
satarabasna
|
Manasina sambel
jahe, top – top tewewet = Moal ujug – ujug karasa hasilna
atawa gunana
|
Mangpengkeun
kuya ka leuwi : mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan
ngajadi.
|
Mani hayang
utah iga = Ngarasa kacida sebelna nenjo atawa ngadenge kalakuan
batur anu oukaujudeun
|
Maot ulah
manggih tungtung, paeh ulah manggih beja = Sing bener ari keur
hirup, supaya ulah diomongkeun ari geus maot
|
Mapay ka puhu
leungeun : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu
nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
|
Marebutkeun
paisan kosong : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa
mangpaatna.
|
Marebutkeun
paisan kosong = Marebutkeun perkara anu taya gunana atawa euweuh
mangpaatna
|
Mata dijual ka
peda = Dilarapkeun ka nu malaweung
|
Maut nyere ka
congona : Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
|
Mengpeun
carang = Api – api teu nyaho
|
Mere langgir
kalieun : Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
|
Meu[eus
keuyang = Ngabudalkeun amarah atawa kakeuheul ka nu teu tuah teu dosa
|
Meubeut
meulut = Nyarekan bari mamawa kasalahan jalma sejen
|
Meunang kopi
pait = Dicarekan atawa digelendeng
|
Meungpeun
peureum ku ayakan : Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku
Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
|
Meungpeung
teugeu harianeun : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba
kabutuh.
|
Midua
pikir = Teu satia dina urusan cinta
|
Milih – milih
rabi mindah = mindah rasa = Ganti pamajika sugan leuwuh ngarepok
|
Mindingan
beungeut ku saweuy : Ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna
pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
|
Mindingan
beungeut ku saweuy = Nyimbutan rasiah sorangan anu geus jadi
rasiah umum
|
Mipit teu amit
ngala teu menta : Maling boga batur.
|
Mipit teu amit
ngala teu menta = Maling
|
Misah badan
misah nyawa = Teu sarua boh lahir boh batin
|
Miyuni hayam
kabiri : Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka
awewe.
|
Miyuni hayam
kamayung = Teu payaan
|
Miyuni hayan
kabiri, kumeok memeh dipacok = Euweuh kawani, can ge acan geus
jejerih
|
Miyuni
umang = Euweuh kadaek, teu hayang uhtiar neangan pakaya
|
Moal ceurik
menta eusi : Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
|
Moal
ditarajean = Teu sieun
|
Moal jauh
laukna = Moal hese piuntungeunana
|
Moal mundur
satunjang beas = Moal ngejat sanajan salengkah
|
Moal neangan
jurig teu kadeuleu : Arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu
euweuh.
|
Moal neangan
jurig teu kadeuleu = Moal nyangka ka saha deui lantaran geus boga
bukti
|
Moal nyapek mun
teu ngoprek = Moal boga rijki lamun teu usaha
|
Mobok manggih
gorowong : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
|
Mobok manggih
gorowong = Kabeneran manggih jalan pikeun ngalaksanakeun karepna
|
Modal
dengkul = Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul
|
Monyet
kapalingan jagong : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang
ngarah nagrinah karoroncodan.
|
Mopo memeh
munggang : Hoream, teu sanggup samemeh prak.
|
Mucuk
eurih = Lalencop ibarat pucuk euri ( ramo awewe )
|
Mun teu ngakal
moal ngakeul : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
|
Mun teu
ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih
: Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
|
Muncang labuh
ka puhu = Kebo mulih pakandangan : Mulang ka lemburna sabada mang taun taun
aya di pangumbaraan/ panyabaan.
|
Mupugkeun tai
kanjut : Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu
kacida dipikameumeutna.
|
Murag bulu
bitis = Hayang udar ider bae, teu betah cicing di imah
|
Muriang ku
kawayaan = Upama keur kabungbulengan teu kuat nyangga lara ati
|
Musuh atawa
satru kabuyutan = Musuh ti baheula nepika ayeuna, musuh turunan
|
Neukteuk curuk
dina pingping : Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah,
sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
|
Ngagulkeun
luluhur sorangan : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun
hirup.
|
N
Naheun bubu
pahareup hareup : Dina pangabutuh silih injeuman duit.
|
Naheun bubu
pahareup hareup = Ngahutang – hutang nepika kagok nagih
|
Najan dibawa
kana liang cocopet = Daek najan dibawa ka mana bae oge
|
Nanggung
bugang = Ditinggal maot ku lanceuk jeung ku adi
|
Nangkeup mawa
eunyeuh : Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka
urang.
|
Nangtung
kariung ngadeg karageman : Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
|
Nepak cai malar
ceret : Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana
jeung kawentar kagorenganana.
|
Nepakeun jurig
pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka
batur sangkan urang sorangan salamet.
|
Nepakeun jurig
pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka
batur sangkan urang sorangan salamet.
|
Nepakeun jurig
pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka
batur sangkan urang sorangan salamet.
|
Nepika
nyanghulu ngaler = Nepika maot
|
Nepika pakotrek
iteuk = Nepika kolot
|
Nepung – nepung
bangkelung = Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bebesanan
|
Nete akar
neumbing jangkar = Seseleket, nyorang jalan nu rumpil
|
Nete porot
ngeumbing lesot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah
tapi teu hasil bae.
|
Nete porot
ngeumbing lesot = Sagala usaha teu hasil
|
Nete semplek
nincak semplak : Kieu salah kitu salah.
|
Nete semplek
nincak semplak : Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah
nambahan deuih.
|
Nete taraje,
nincak hambalan : Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang
ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
|
Neukteuk
leukeur meulah jantung, geus lain – lainna deui = Teu hayang
dibalik deui
|
Neukteuk mari
anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun : Heuras hatena teu sabar dina
nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
|
Neundeun
piheuleut nunda picela : Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya
temahna papisahan teu ngahiji deui.
|
Ngabejaan bulu
tuur = Ngabejaan nu geus nyaho
|
Ngabudi ucing :
Teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
|
Ngabudi
ucing = Kawas nu teu karep, api – api teu hayang padahal
ngadagoan batur bogoh
|
Ngabuntut
bangkong = Teu bisa nganggeuskeun pagawean
|
Ngaburuy
= Nyaneut teu make lawuhna
|
Ngacak
ngebur = Kokomoan, mangpang – meungpeung
|
Ngadago – dago
dawuh = Tereh maot
|
Ngadagoan kuah
beukah : Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu
di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu)
|
Ngadagoan kuda
tandukan = Mikarep perkara anu mustahil
|
Ngadagoan uncal
mabal : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungklan ihtiar pikeun
ngadatangkeun eta rejeki.
|
Ngadaun
ngora = Nembongkeun deui kamajuan, sanggeus ngalaman jaman mundur
|
Ngadaweung
ngabangbang areuy : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka
matak waas pacampur jeung sedih.
|
Ngadek sacekn,
nilas saplasna : Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
|
Ngadeupaan
lincar : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu
boga imah jeung diajak dahar.
|
Ngadeupaan
lincar = Ngadeukeutan hayang diaku
|
Ngadu angklung
di pasar : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa’atna di hareupeun jalma loba.
|
Ngadu
angklung = Parerea omong anu taya gunana
|
Ngadu ngadu
rajawisuna : Mawakeun omongan si A ka si B jeung sbalikna, temahna si A jeung
si B pasea, parerea omong.
|
Ngagandong kejo
susah nyatu : Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese
nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
|
Ngagedag bari
mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung
kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
|
Ngagulkeun
payung butut : Ngagulkeun luluhur sorangan.
|
Ngahurun balung
ku tulang = Nangkeup tuur nandakeun keur bingung atawa
susah
|
Ngajeler
paeh = Halis anu ngajepat alus, sapeti jeler paeh
|
Ngajerit
maratan langit, ngoceak maratan mega = Ngajerit tarik pisan
|
Ngajul bulan ku
asiwung, Mesek kalapa ku jara : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.
|
Ngalap
hate = Ngangeunahkeun hate batur supaya dipikanyaah atawa
resepeun
|
Ngalenghoy lir
macan teu nangan = Leumpang alon tapi alus katenjona
|
Ngaletak
ciduh = Narik omongan nu geus di kedalkeun
|
Ngaleut
ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat – ngembat nyatang
|
Ngaliarkeun
taeus ateul : Ngucah ngaceh perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung
teu ngeunah ka sarerea.
|
Ngaliarkeun
taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
|
Ngaliarkeun
taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
|
Ngalintuhan maung
kuru = Neangan pibahayaeun
|
Ngan ukur
saoleseun = Ngan saukur saulineun
|
Ngandung
hate = Ngunek – ngunek, boga hate goreng, hayang males Kanyeuri
|
Ngarah
ngarinah = Nipu, ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo
|
Ngarah
sahuapeun sakopeun = Usaha leuleutikan, neangan rejeki
saharatiaaeun
|
Ngaraja
dewek = Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan
|
Ngarangkai
koja = Mimiti hade, lila – lila jadi goreng
|
Ngarep ngarep
bentang ragrag : Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
|
Ngarep ngarep
kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung
sudah pihasileunana.
|
Ngareuntaskeun
dungus = Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina
umur pakokolot
|
Ngawur kasintu,
nyieuhkeun hayam : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji,
tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
|
Ngegel
curuk = Teu hasil maksud
|
Ngembang
awi = Ngeumbreuk, teu laku
|
Ngembang
bako = Bosongot
|
Ngembang
boled = Tetela
|
Ngembang
cau = Jantungeun
|
Ngembang
cengek = Geulis, nenggang ti nu sejen
|
Ngembang
genjer = Gelenye
|
Ngembang
jajat = Jalinger
|
Ngembang
jambu = Lumenyap
|
Ngembang
kadu = Olohok
|
Ngembang
kaso = Cilimit
|
Ngembang
lopang = Nyacas
|
Ngembang
waluh = Alewoh
|
Ngenbang
laja = Jamotrot
|
Ngeplek jawer,
ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan,
kecing.
|
Ngeunah
nyandang, ngeunah nyanding = ahirup senang lantaran cukup pake,
jeung nyandingkeun pamajikan anu satia
|
Ngeuneh eon teu
ngeunah ehe = teu adil atawa pinter kodek
|
Ngeupeul
ngahuapan maneh : Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya
batur welaseun jeung nulungan ka urang.
|
Ngijing sila
bengkok sembah = Teu satia ka dunungan
|
Nginjing sila,
bengkok sembah : Goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpinatawa dunungan.
|
Ngodok liang
buntu : Hese cape taya gawe, susah payah taya guna, sanajan tihothat oge moal
atawa henteu beubeunangan.
|
Ngodok liang
buntu = Geus cape, tapi teu hasil lantaran aya nu ngahalangan
|
Ngodok liang
jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
|
Ngomong sabedug
sakali = Arang ngomong
|
Ngotok
ngowo = Cicing lila di imah batur
|
Ngukur ka kujur
nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste
disaluyukeun jeung pangala.
|
Ngukur ka
kujur, nimbang ka awak = Ngukur kamampuan diri
|
Ngukut kuda
kuru ari geus gede sok nyepak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna,
susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan
ka anu jadi dunungan.
|
Ngusap
birit = aninggalkeun pasamoan bari teu pamit heula
|
Ngusap birit,
bari indit : Kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu
amit heula ka anu araya didinya.
|
Nimu luang tinu
burang : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan
atawa hukuman.
|
Nincak parahu
dua : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
|
Ninggalkeun
hayam dudutaneun = Ninggalkeun pagawean nu can anggeus
|
Ninggang
kekecrak : Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
|
Nini – nini
leungit sapeuting, Tai maung huisan = Kari – kari
|
Nini nini
dikeningan, awewe randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon bae anu geus
ruksak.
|
Noong ka kolong
: Leutik hate, leutik pangharepan.
|
Nu asih
dipulang sengit, nu haat dipulang moha : Nu hade jeung loba jasana ka diri
urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
|
Nu borok
dirorojok , Nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah kasusahanana,
nu keur nyeri ditambah kanyerina.
|
Nu borok dirorojok,
nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
|
Nu borok
dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = Nu keur susah di pupuas,
ditambahan kasusahna
|
Nu burung
diangklungan, nu edan dikendangan : Ngahaminan omongan atawa carita batur,
sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
|
Nu burung
diangklungan, nu edan dikendangan = Nanggap carita gedebul
rahul
|
Nu edan
dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
|
Nu edan
dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
|
Nu tani kari
daki, nu dagang kari hutang : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh
nu mulya.
|
Nuju hirup
ninggang wirahma : Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
|
Nulungan anjing
kadempet : Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
|
Nungtik lari
mapai lacak = Neangan katerangan tapak lasak baheula
|
Nurub
cupu = Ninggang papasangan nu kasep jeung nu geulis
|
Nya di hurang
nya dikeuyeup : Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang
atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
|
Nya di hurang,
nya di keuyeup = Parasaanmah teu di rahayat teu di rahayat teu di
pajabat, sarua bae
|
Nya ngagogog
nya mantog : Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
|
Nya picung nya
hulu maung : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban
pasalia, henteu nyambung.
|
Nyaah
dulang = Nyaah ka anak nganmerhatikeun dahar pakena bae, tapi teu
malire atikanana
|
Nyaeuran gunung
ku taneuh, sagara ku uyah : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus
beunghar.
|
Nyaho
lautanana = Nyaho karesep jeung ka teu resepna
|
Nyair hurang
meunang kancra : Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu
leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
|
Nyaliksik ka
buuk leutik : Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun
darajatna jeung pangabogana.
|
Nyalindung ka
gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana, nu dipalar milu hirup
senang, teu karana hese jeung cape.
|
Nyalindung ka
gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
|
Nyanggakeun
suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit,
dicacag diwalang walang : Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek
dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga
dosa.
|
Nyanghulu
kajarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
|
nyatang
pinang = Ngaleut panjang pisan
|
Nyekel sabuk
milang tatu = Perang tanding, ngadu jajaten
|
Nyeri beuheung
sosonggeteun : Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae
datang.
|
Nyeungeut damar
di suhunan : Kulantaran pupujieun ari ka deungeun mah darehdeh jeung mere
maweh, tapi ari kabaraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi
jeung koret deuih.
|
Nyeungeut damar
di suhunan : Mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
|
Nyeungseurikeun
upih ragrag : Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu
geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang
sarerea bakal kasorang.
|
Nyeuri beuheung
sosonggeteun = Kesel ngadagoan nu rek datang
|
Nyiar batuk
piaraheun : Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
|
Nyiar batuk
pibaraheun = Neangan picilakaeun
|
Nyicikeun cai,
murulukeun lebu : Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara
anu dilarang ku luluhur.
|
Nyieun catur
taya dapur : Nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
|
Nyieun catur
taya dapur = Ngarang carita teu puguh galurna
|
Nyieun heuleur
jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur pahare hare bae.
|
Nyieun pucuk ti
girang : Neangan pilantaraneun pasea, parebut bebeneran.
|
Nyieun pucuk ti
girang : Pangheulana neangan piaseaeun.
|
Nyiruan mah teu
resepeun nyeuseup nu pait : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu
teu boga.
|
Nyiuk cai ku
ayakan : Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
|
Nyium bari
ngegel : 1.Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng 2.salakina
dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
|
Nyokot lesot
ngeumbing porot : Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
|
Nyolok mata
buncelik : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa ku laku lampah goreng di
hareupeunana.
|
Nyolok mata
buncelik : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
|
Nyolong
bade = Ulat bageur padahal jahat
|
Nyuhun nanggung
ngelek ngegel : Rebo pisan, babawaanana loba naker.
|
Nyuhunkeun
bobot pangayon timbang taraju : Menta pangampura jeung menta timbangan da
geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
|
Nyukcruk
walungan mapay mapay wahangan : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut
pisan pancakakina.
|
O
Omong harus
batan goong : Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu
nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
|
Owah gingsir :
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
|
P
Paanteur anteur
julang : Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
|
Pacikrak
ngalawan merak : Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
|
Pada rubak sisi
samping : Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
|
Padu teu buruk
digantung = Perkara moal ruksak ku ditunda
|
Paeh
pikir = Teu boga karep
|
Paeh poso
= Meakkeun kadaek, tisusut tidungdung
|
Pagede – hede
urat rengge = Patarik – tarik nyoara, nu beluk atawa nu pasea
|
Pagirang girang
tampian : Paunggul unggul dina neangan pangupa jiwa.
|
Pagirang girang
tampian : Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan.
|
Paheuyeuk
heuyeuk leungeun : Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
|
Pait daging
pahang tulang : Cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
|
Pait daging
pahang tulang : Carang gering.
|
Pait daging
pahang tulang = Mulus awak, langka katerap ku panyakit kulit
|
Pait
paria = Pait ge ngeunah
|
Pakait
pikir = Jangji rek ngagij
|
Pakotrek iteuk
: Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki
nini-nini.
|
Paluhur luhur
diuk : Pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
|
Panas
leungeun = Teu kajadian pepelakan
|
Panday tara
bogaeun bedog : Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
|
Pangeprak
remis = Purah diutuh etah
|
Panjang
lengkah = Jauh panyabaan
|
Panjang
leungeun = Sok pulang – paling, resep ceceremed
|
Panon
keongeun = Panon caian bae
|
Panonna kandar
ka sisi = Panonna resep ngareretan bae anu kasep (awewe lengger )
|
Papadon los ka
kolong : Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
|
Papadon los ka
kolong = Pasini geus asak pisan tuluyna bolay
|
Parada tamba
kadengda = Tamba henteu teuing
|
Pareumeun
obor = Teu nyaho baraya
|
Pariuk manggih
kekeb = Nyetel
|
Pasrah
arit = Pasrah luarna wungkul, henteu terus jeung hate
|
Patpat
gulipat = Kalakuan licik teu jujur
|
Pelengkung
bekas nyalahan : Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu
bageur.
|
Perlu kasambut
sunat kalampah = Ngalakukeun anu wajib bari sakalian jeung nu henteu
dikudukeun
|
Peureum
kadeuleu beunta karasa : Inget bae, teu bisa poho. Boasana mah lain kana
barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
|
Pida cai pindah
tampian : Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
|
Piit ngeundeuk
ngeundeuk pasir : Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
|
Pinter aling
laing bodo : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta
anu bodo.
|
Pipilih meunang
nu leuwih koceplak meunang nu pecak : Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran
hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng
|
Pipilih meunang
nu leuwih koteplak meunang nu pecak : Milih kalawan taliti naker, kulantaran
hayang meunang nu pang alusna, tapi temahna meunang nu panggorengna.
|
Piruruhan
katengahimahkeun : Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
|
Pondok nyogok
panjang nyugak = Garihal teu matak resep ngadengekeunana
|
Potol
teko = Potol pisan
|
Puasa manggih
lebaran : Anu saumur umur miskin tuluy dina hiji waktu papanggih jeung
kamuliaan, atawa manggih rejeki anu gede.
|
Puasa manggih
lebaran = Makmak – mekmek
|
Pucuk awian,
lir awi sumear di pasir = Teu boga pamadengan sorangan
|
Punduk moal
ngalihuran hulu = Sakumaha pinterna murid moal leuwih pinter ti
guruna
|
Pundung
eon = Pundung jijieunan, ngarah pada ngupahan
|
Pupulur memeh
mantun : Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
|
Pur kuntul kari
tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging : Dian cidrana anu
diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
|
Pur manuk
= Digawe bari teu disuguhan, ngan diburuhan duit wungkul
|
Puraga tamba
kadengda : Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung
maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
|
R
Ragaji
beusi = Jalma nu bisa pisan nipu ku jalan ngolo – ngolo
|
Rambay alaeun
reumbeuy beuweungeun = Subur makmur loba dahareun hasil tani
|
Ranggaek memeh
tandukan = Beunghar memeh boga
|
Raweuy
beuweungeun rambay alaeun : Loba dahareun da loba pepelakan.
|
Rea jangjang
karawatna = Rea patula – patalina jeung perkara sejen
|
Rea ketan rea
keton = Rea dahareun jeung loba dahareun
|
Rejeki kaseser
ku hakan = Rejeki beak dipake barang dahar
|
Rek dibeureum
rek dihideung ge pasrah = Rek dimaha – kumaha oge pasrah
|
Rek dijieun
jimat parepeh = Awewe ku lalaki anu kacida bogohna, upama daekeun
dikawin
|
Rokrok
pondokeun = Babari ambek
|
Rubuh – rubuh
gedang = Migawe hiji perkara anu ten nyaho maksud jeung
tujuanana, ngan saukur nurutan batur
|
Rumbak caringin
di buruan : Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu
mepelingan ka urang.
|
Rumbak kuntieun
: Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
|
Rup ku padung
rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri
anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
|
Rusuh luput
gancang pincang : Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab
hasilna teu matak nyugemakeun.
|
S
Saampar
samak = Sagebleg ( lahan ) jeung kayaanana meh sarua
|
Sabata
sarimbangan = Sauyunan, layeut
|
Sabelas dua
belas = Sarua gorengna atawa teu eucreugna
|
Sabobot
sapihanean : Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
|
Sabuni buni anu
ngising : Sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng
mah awal akhir sok kudu knyahoan bae.
|
Sacangreud
pageuh sagolek pangkek = Sagala omonganana ditedunan tara jalir
jangji
|
Sagalak galakna
macan taru nyatu anakna : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna
tara tega ka anu jadi anak.
|
Sagolek pangkek
sacangreud pageuh : Hanteu cidra kana jangji.
|
Saherang –
herang cibeas = Jalma nu geus meunang kanyeri hatena moal beresih
pisan, sok sanajan di luarna hade
|
Saherang
herangna cai beas : Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus
bukti tas nganyernyeri ka urang.
|
Saherang
herangna cibeas, moal herang cara cisumur : Sasarina lamun geus aya
pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
|
Sakecap kadua
gobang : Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
|
Sakecap kadua
gobang = Babari ngambek jeung babari ngadek
|
Sakeser daun =
babari lapar
|
Sakririciking
duit sakocopoking bogo : Naon bae anu matak narik kana hate urang.
|
Sakuru – kuru
lembu, saregeng – regengna banteng = Sateubogana jalma jeneng
atawa pangkat luhur, atawa urut jalma beunghar
|
Salah
kaprah = Salah tapi geus umum
|
Salieuk
beh = Sagala nyampak
|
Salisung
garduh = Sakongkol
|
Saluhur luhur
punduk tara ngaliwatan hulu : Sapinter pinterna murid pangartina moal
ngaluhuran guru.
|
Sanajan nepi ka
bisa ngukir langit = Sanajan sakumaha pinterna
|
Sangsara di
geusan betah : Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus
embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
|
Sapapait
samamanis = Sauyunan
|
Sapi anut ka
banteng = Awewe nuturkeun lalaki
|
Sapu nyere
pegat simpay : Paturay papisahan.
|
Sareundeuk
saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut, tara aya
pacengkadan.
|
Sareundeuk
saigel = Sauyunan
|
Satalen tilu
baru = Sarua kitu – kitu keneh
|
Satengah buah
leunca : Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
|
Satengah buah
leunca = Kurang ingetan , rada gelo
|
Satru
kabuyutan = musuh turunan
|
Saumur
nyunyuhun hulu : Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
|
Saungkab
peundeuy : Omongan anu pondok tur kurang manis.
|
Saungkab
peundeuy = Omongan ru ringkes sarta rada janggal
|
Saur
manuk = Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua
|
Sengserang padung
: Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora
keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
|
Sentak badakeun
: Teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul
nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
|
Sereg dibuana
logor diliang jarum : Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di
nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
|
Sereg dipanto
logor diliang jarum : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa,
loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
|
Seukeut ambeu
seukeut deuleu : Loba matamatana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean
pulisi).
|
Seukeut tambang
manan gobang : Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah
awal ahir tangtu katangkep pulisi.
|
Seuneu hurung
cai caah : Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
|
Seuneu hurung
dipancaran : Nu keur nafsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae
ngambekna jadi tambah.
|
Seuseut batan
neureuy keueus : Hese pisan
|
Sibanyo laleur
: Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
|
Sieureun
= Awewe anu tegep upama ditelek – telek
|
Siga bentang
kabeurangan = Geulis pisan
|
Siga
bungaok = Goreng patut pisan
|
Sireum
ateulan = Teu sarua gedena
|
Sirung ngaliwatan
tunggul : Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
|
Sisit
kadal = Goreng milik
|
Sosoroh ngadon
kojor : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang
kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
|
Suku sambung
lengkah, biwir sambung lemek = Darma mangnepikeun maksud batur
|
Sumput
salindung = Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur
|
Sundul
kalangit = Kacida luhurna kawas adek kana langit
|
T
Tiis
leungeun = Jadian pepelakan
|
Tikoro andon
peso : Ngdeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
|
Tikoro
kotokeun, careham hayameun = Isuk – isuk keneh kudu geus barang
dahar
|
Tinggal tulang
jeung kulit = Kacida begangna
|
Tinggar
kalongeun : Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng
atawa dicarekan.
|
Tipu keling
ragaji Inggris : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
|
Tisusut
tidungdung = Gawe beurat bari ripuh
|
Titip diri
sangsang badan : Mihapekeun maneh.
|
Titirah ngadon
kanceuh : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu
leuwih gede.
|
Titirah ngadon
kanceuh = Hayang cageur malah beuki ripuh
|
Tototpong
heureut dibeber beber, tangtu soeh : Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna,
tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari
keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
|
Trong kohkol
moronlkol, dur bedug murungkut = Keur nu ngedul hudang subuh
|
Tuduh
acungan = Dititah nitah deui ka nu sejen
|
Tugur tundang
cuntang gantang : Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
|
Tukuh
ciburuy = Teu daek narima pamadegan batur anu leuwih bener
|
Tulus langkung
kepang halang = Omongan atawa caritaan nu teu merenah atawa salah
|
Tumarajong
tanpa larapan = Datang teu ngiberan heula
|
Tumpang
sirang = Tumarimpang, Karagok bae jeung nu di cicingan
|
Tunggul diparud
catang dirumpak : Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur nafsu.
|
Tunggul dirurud
catang dirumpak = Ngalajur napsu taya nu dihiding
|
Tunggul
kuras = Duit anu ngahaja disesakeun, ulah nepika kosong teuing
|
Tunggul
sirungan, catang supaan : Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah
ahirna.
|
Tungkul ka
jukut tanggah ka sadapan : Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu
kaganggu ku naon naon.
|
Turunan
tumenggung sundung, patih arit = Lain turunan menak sanajan
jeneng
|
U
Uang
semir = Panyogok supaya pamenta urang gancang dikabulkeun
|
Ukur pulang
modal = Teu untung teu rugi
|
Ulah beunghar
memeh boga : Ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa
tacan boga pakaya.
|
Ulah cara ka
kembang malati kudu cara ka picung : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh,
hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki
bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
|
Ulah cara ka
malati kudu cara ka picung : Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki
nyaah.
|
Ulah incah
balilahan = Ulah pindah pamatuhan
|
Ulah kabawa ku
sakabakaba : Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna : kabawa jurig, dedemit.
|
Ulah muragkeun
duwegan ti luhur : Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang,
pacuan arek dimonyah monyah.
|
Ulah pangkat
memeh jeneng : Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
|
Ulah sok ngeok
memeh dipacok = Ulah sok ngarasa hoream ku pagawean memeh dicoba
|
Ulah tiis tiis
jahe : Kudu iatna, kudu cingceung.
|
Ulah unggut
kalinduan ulah gedag kaanginan : Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat
ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
|
Uncal tara ridu
ku tanduk : Duduluran karumpul kabel.
|
Undur katingali
punduk, datang katingali tarang = Kanyahoan datang atawa inditna
|
Unggah bale
watangan = Katarik perkara
|
Urang curug
ngebul = Urang kampung nu jauh ti kota
|
Urang kampung
bau lisung, cacah rucah atah warah = Jelema dusun
|
Uteuk
encer = Calakan, pinter
|
Uteuk tongo
walangtaga = Barang – barang atawa sasatoan anu pangleutikna
|
Uyah tara tees
kaluhur : Galibnma sifat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok
diturunkeun ka anak incuna.
|
W
Waspada permana
tingal : Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian
|
Wawuh
munding = Wawun meueusan pedah mindeng papanggih
|
Weruh sadurung
winarah = Nyaho samemeh dibejaan
|
Wiwirang di
kolong catang nya gede nya panjang : Wiwirang nau pohara gedena.
|
Wiwirang
dikolong catang = Nyorang wiwirang
|